Search
Close this search box.

Usum Mirip (1)

Bagikan :

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“GEUS der deui waé nya Bah?”
“Tapi di batur, Jin.”
“Naon di batur téh Darsép? Angger manéh mah ari geus nyiap téh.”
“Nyiap naon Ujin? Pan sidik uing mah keur diuk di dieu lain keur tumpak mobil atawa motor.””
“Éta huntu. Uing nanya ka si Abah, manéh miheulaan ngajawab bari teu bener.”
“Jéh, bener geus der di batur mah.”
“Enya naon?”
“Pemilu milih presidén di Amerika mah geus der nu meunangna ceuk béja mah Bah Biden jeung Bi Kamala. Tah ari di urang mah pilkada pan acan, engké tanggal 9 Désémber.”
“Si gejul heueuh éta mah. Tapi maksud uing mah lain ka dinya. Barina gé sangeunahna nyebut Bah Biden Bi Kamala. Mister jeung Lady kituh da urang Barat!”
“Baé wé atuh Ujin diabahkeun dibibikeun gé sugan wé kabagéan hadiah tina meunang.”
“Hahahaaa….”
“Yeuh maksud uing mah geus der deui téh éta artis cenah artis Gisel popotongan Gading Marten kikituan jeung saurang lalaki terus dividéo, vidéona disebarkeun, jadi wéh nyaraho. Ari geus nyaho nya pada ngalalajoan, pada néangan. Can gé bérés Gisel geus torojol deui nu sarua cenah pemeranna artis nu ngaran Jedar. Bédana, Gisel mah 19 detik, Jédar mah 30 detik!”
“Tong gagabah Ujin bisi dicangkalak pulisi kéh.”
“Haaar….naha uing rék dicangkalak pulisi Darsép, naon dosana? Sing demi uing mah teu kikituan boh jeung Gisel boh jeung Jedar si Mimin gé kabogoh uing weuteuh kénéh!”
“Hahaaa…..!”
“Éta nyebutkeun Gisel jeung Jedar.”
“Da mémang kitu Darsép da lain Bi Rahi atawa mémang Bi Rahi gé jadi artis vidéo porno?”
“Hahaaa…..”
“Nyieun Ujin ngan teu disebarkeun dina médsos, éra.”
“Pan Bibi téh rarandaan, jeung saha kikituanana?”
“Jeung cucunguk, Ujin.”
“Hahahaaa……!”
“Paingan éra atuh Bi. Lebah mana dosana Darsép uing ngomong Gisel jeung Jedar bisa ditangkep pulisi?”
“Can tangtu Gisel jeung Jedar Ujin. Nu matak ngomongna ulah kitu pan dina berita gé disebutna vidéo panas mirip Gisel jeung mirip Jedar.”
“Oooh…..kitu Darsép? Leres Bah?”
“Enya Jin. Hal-hal nu can jelas duduk perkarana mah ulah waka togmol diomongkeun, bisi lain. Sabab lamun gagabah nyarita nya bisa keuna ku hukum.”
“Maksadna Bah?”
“Ujin jeung mirip Ujin éta téh béda.”
“Lieur Bah ah.”
“Da manéh mah sok salah waé Ujin. Jadi wéh lieur!”
“Salah naon Darsép?”
“Mun rék ngariung kieu tong mamawa sirah, tunda wé sirah mah di imah, pasti moal lieur!”
“Hahaaaa……!” (lajengkeuneun) **

Baca Berita Menarik Lainnya :