Search
Close this search box.

Weureu (1)

Bagikan :

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“Suksés Bah?”
“Naon téa, Jin?”
“Sumuhun nyaté daging korban?”
“Nya alhamdulillah kabagéan Jin najan teu ceuyah cara taun-taun tukang ceuk si Ambu mah.”
“Naha Abah teu nyakséni?”
“Teu kuat Abah mah Jin. Tong boro nyaté ningali gé geus weureu.”
“Haaaar…..naha Bah?”
“Nyaéta Abah mah teu kuat ngadahar daging héwan suku opat téh masing dipasak kumaha waé ogé.”
“Atuh panginten batur céplak ngahanca daging korban téh celenggeu wé nyah?”
“Nya sarua wé lebah céplak mah Jin.”
“Abah mah teu puguh, ongkoh teu kiat ongkoh céplak.”
“Pan Abah gé korban, Jin.”
“Domba atanai sapi?”
“Duit, Ujin.”
“Itu geura, sok nu lain-lain ari Abah.”
“Enya korban duit ka si Ambu da cenah karunya batur sukan-sukan weureu daging korban si Abah ukur lalajo nya ménta duit ka Abah keur meuli daging hayam nya dipangmasakkeun.”
“Hahaaa…….!”
“Manéh dikumahakeun daging korban Darsép?”
“Diantep wé da rék nitah neunggar manéh gé geus teu bisaeun.”
“Darsép gejul. Maksud uing téh dipasakna kumaha? Disaté, disoto, atawa kumaha?”
“Atuh naha lain datang ka imah.”
“Maksudna?”
“Enya lamun datang ka imah uing mah bakal nyaho dipasak kumaha daging korban paméré téh.”
“Angger geus ngalilieur téh si Darsép mah. Nu matak nanyakeun ogé uing teu nyaho da teu ka imah nu matak béjaan satéh.”
“Nya sarua wé Jin dipasakna mah ngan lolobana mah disaté tapi uing mah teu ngadahar da.”
“Haaar…naha?”
“Enya teu ngadahar tusuk saténa, dagingna wungkul.”
“Hahaaa…….”
“Ngan karunya ka si Mang Rastim uing mah Jin.”
“Karunya kumaha, Darsép?”
“Ngimpi didatangan arwah si ranggaék, Jin. Ti dituna téh cenah si Mang Rastim keur cacamuilan dahar jeung daging korban si ranggaék paméré ti Haji Mukti.”
“Euleuh, terus?”
“Ngadaharan naon Mang Rastim?” tanya si ranggaék.
“Ngadahar daging manéh ranggaék.”
“Ngeunah nyah?”
“Lain ngeunah deui, pelem. Palay?”
“Hayang gé daging manéh.”
“His teu ngeunah daging uing mah.”
“Ti mana nyaho teu ngeunah?”
“Pan tara aya nu meuncit jelema terus didaharan dagingna.”
“Heueuh licik Mang Rastim mah. Uing keur hirup kénéh sok nyindiran awak uing bau. Ningan bau-bau gé mani ngaweswes ngadahar daging uing, ulah batur. Mun enya ngeunah ngadahar daging uing kudu mikir.”
“Mikir kumaha?”
“Inget-inget nu méré pelemna, saha?”
“Nya domba atuh da nu didaharna gé daging domba.”
“Belegug siah,” euk si ranggaék bari jebrod neunggar.
“Nu méré pelem mah Gusti Alloh, lain dombana lain nu korbanna. Ulah ieu mah kana dahar daging mani ngaweswes tepi ka weureu ari kawajiban ibadah diculkeun. Sok ibadah?”
“Nya osok”
“Sodakoh?”
“Osok.”
“Maok?”
“Osok…..éh tara atuh maok mah.”
” Enyaan tara maok?”
“Tara.”
“Nganyenyeri?”
“Tara.”
“Ngomongkeun?”
“Tara.”
“Ngabohong?”
“Tara…..”
“Solat?”
“Taraaa…….éh osok kétang.”
“Hahaaa…..” (lajengkeuneun) **

Baca Berita Menarik Lainnya :