Search
Close this search box.

Weureu (2)

Bagikan :

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“MANI nyusul tepus kitu nya si ranggaék, Darsép?”
“Kitu domba soléh mah, Jin. Ngarti kana diri.”
“Anyiiir….jero kitu si Darsép ngomongna.”
“Asép téaaaa…..di mamana gé nu ngaran Asép mah lain Usup, komo useup mah.”
“Hahaa……”
“Ah siah. Lebah mana soléh jeung ngarti kana dirina si ranggaék téh Darsép?”
“Tah si Diran gé nyahoeun naon ari soléh geura sok tanyakeun?”
“Naon cenah ari soléh, Ran?”
“Meuli boéh ka Cililin, dibawana mapay sawah. Ari soléh yeuh Kang Ujin, salakina si Ceu Yayah.”
“Kang Soléh éta mah Diran. Ka mana karep waé. Manéh Ya, nyaho teu naon ari soléh?”
“Kagak.”
“Henteu naon?”
“Kagak, maksad Yaya kagak hamham bahwa Yaya apal pada apa yang Kang Ajan katakan bahwa, bahwa, bahwaaaaa……….”
“Soléh kituh!”
“Geus Jin tong dipaksa teu bisaeun nyebut soléh si Yaya mah, karunya.”
“Abah mantap, nyaah ka Yaya. Matakna wajar Abah dapat kanyaah.”
“Naon kanyaahna, Sarya?”
“Nyabak mamasna…..”
“Hahaaaa…….”
“Sarya gélo!”
“Maksud si ranggaék ngarti kana diri téh Jin tumampi kana takdir narima kana kadar dirina nu geus diciptakeun sakadar keur ngalengkepan kabutuh hirup manusa. Kitu lin Sép?”
“Leres, Bah.”
“Sato ingon-ingon réla dipeuncit digérésél diarah dagingna dahareun manusa. Hanjakal loba jelema nu teu ngarti kana dirina.”
“Jero deui waé yeuh. Maksadna Bah?”
“Heueuh loba jelema weureu Jin, alias mabok ku haliah dunya nepi ka poho kana kawajiban salaku manusa anu meunang pancén poko nyatana ibadah, babakti, ka Nu Nyiptakeun dirina. Barang dahar unggal usik, nya sanguna, nya dagingna, nya sayurna, nya bungbuahanana, geus puguh cai mah, tapi ukur semet kitu, kawajibanana cul. Padahal Alloh ngarijkian manusa siga kitu téh taya deui iwal ti sangkan manusa jongjon babakti najan kudu diihtiaran ogé.”
“Kahartos Bah.”
“Enya barudak nu matak mangkahadé urang mah ulah kajongjonan hirup. Barang dahar saperluna, nu halal, nu hadé, ulah nu matak weureu siga mabok arak, ning barudak jaman kiwari mah cenah inuman téh dioplos jeung naon ku hanteu ngarah sugema weureuna…….omat euy arilaing mah ulah tepi ka kitu, sing nyaah ka diri.”
“Insyaalloh, Bah!”
“Enya Jin.”
“Ulah siga si Codét hayang weureu téh kaleuleuwihi.”
“Nu bener Darsép?”
“Enya Jin.”
“Sok atuh caritakeun kumaha dongéngna?”
“Siap Jin. Ngan isukan deui wé ayeuna mah uingna rék méakeun daging korban heula.. Hayang?”
“Puguh wé…..”
“Hayu, ngahaja disadiakeu keur ilaing, tulangna.”
“Hahaaa……” (lajengkeuneun) **

Baca Berita Menarik Lainnya :