Weureu (5)

Silahkan bagikan
Rekacipta Fendy Sy Citrawarga

 

“KUDU dikumahakeun si Darsép nya?”
“Kudu dikawinkeun jeung nu geulis, Jin.”
“Kahayang siah Darsép!”
“Ari enggeus naon maksudna kudu dikumahakeun uing, Ujin?”
“Saur si Abah kamari, enya Jin. Cindekna mah jauhan hirup kumakarep téh ngarah salamet, barudak.”
“Ceuk uing, siap Bahlah. Sok Darsép geura caritakeun kumaha lalakon si Codét weureu téh?”
“Kieu Jin, ceuk manéh. Harita….tapi asa alus kénéh isukan didongéngkeunana.”
“Ari ayeuna Darsép? Tanya uing.”
“Jawab manéh, nyaéta pan ayeuna mah can isukan.”
“Hahahaaa….!”
“Oh enya inget ayeuna mah.”
“Heueuh sok atuh geura dongéngkeun!”
“Pan ceuk uing gé isukan, nya isukan deui wé…..”
“Har itu geura? Cik Bi pangnyandakkeun batu tah.”
“Keur naon batu, Ujin?”
“Keur coél sambel Bi. Nya keur malédog si Darsép atuh!”
“Hahaaa……..!”
“Yeuh Darsép pan ceuk manéh téh kamari isukan, jadi isukan ceuk kamari téh nya ayeuna. Sok buru!”
“Teu bisa Ujin. Isukan ceuk kamari bisa isukan deui ceuk ayeuna…..
“Gélo. Ngalilieur.”
“Nya heueuh atuh Ujin. Mun ceuk uing kamari nyarita isukan poé Jumaah tanggal 7 Agustus 2020 tah kakara kudu ayeuna.”
“Kuma manéh Darsép!”
“Hahaaa….”
“His lain kuma manéh bisi weureu, sabab mun weureu tandana teu éling ari teu éling teu inget kana papagon hirup jadi wé kawas sato, ingkar tina kamanusaan, nya Bah?”
“Éta si Darsép ngomong tangka jero kitu.”
“Bener Sép.”
“Leres Bah da mani matak muringkak maca beritana gé.”
“Berita naon Darsép?”
“Di Rancaékék Jin aya siswi SMA dipaténi cenah mah ku kabogohna, ari dipaténina téh bari kikituan, terus layonna diasupkeun kana karung, cul wéh!”
“Astagfirulloh, Darsép. Enyaan tatéh?”
“Lers Bi.”
“Enya bener akibat tina lampah weureu kitu peta téh Sép. Di Tasik apan sarua deuih aya budak awéwé kapanggih layonna ngambang di balong ceuk pulisi cenah balukar dianaya.”
“Deudeuh teuing…..tos moal boa éta gé pagawéan lalaki nya Bah.”
“Kana kitu Bi.”
“Nu matak Bibi mah sebel ka lalaki téh da.”
“Sebel kumaha Bi?”
“Heueuh sebel ka lalaki nu kalakuanana weureu sangeunahna mergasa awéwé.”
“Ari ka pameget modél Afgan Bi?”
“Tah…..éta mah pria idaman, I love you pisan Ujin.”
“Hahaaa……”
“Sok ah Darsép kumaha lalakon si Codét weureu téh?”
“Kieu Jin, si Codét sabatur-batur téh pésta miras. Bakating ku enya=enya hayang weureuna, inumanana dioplos jeung sagala rupa tinu ngeunah tepi kanu pahang jeung pait.”
“Alah siah, terus Darsép?”
“Enya Jin. Limun! Ceuk si Codét ka baturna. Song limun, cur kana émbér aya satengahna inuman keur bagikeuneun jeung céésna.”
“Gustiiiiiii…!”
“Enya Jin. Bres-bres sajaba ti limun téh aya oli, béngsin, minyak tanah, sapertus, jalantah, malah ciompol jeung obat nyamuk gé teu tinggaleun. Geus bérés dibagikeun ka céésna sagelas séwang, gelas jangkung. Si Codét sagelas. Satu, dua, tigaaaaa…….lekik babaturanana tinglalekik nginum. Demi si Codét ukur ningalikeun. Katingalieun ku babaturanana. Ceuk babaturanana bari mabok. Bos, naha bos eu (teurab), teu eueut?”
“Neuleu sia heula nying! Mun sia teu kitu kieu aing rék nginum, heueuh nginum sirop disusuan. Tapi mun sia modar, nya moal da aing mah hayang kénéh hirup.”
“Hahaaaaa………!” (réngsé) **

Baca Juga :  Tugu Insurance Gandeng Cermati Protect Dalam Pemasaran Produk Asuransi Secara Digital

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

Tingkatkan Kualitas, PBA UIN Bandung & PBA IAIN Cirebon Jalin Kerja Sama

Kam Agu 6 , 2020
Silahkan bagikanVISI.NEWS – Program Studi (Prodi) Pendidikan Bahasa Arab (PBA) Fakultas Tarbiyah dan Keguruan (FTK) Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati Bandung melakukan kunjungan ke Prodi PBA Institut Agama Islam Negeri (IAIN) Syekh Nurjati Cirebon, Kamis (6/8). Ketua Prodi PBA UIN Sunan Gunung Djati Bandung, Dr. Dedih Wahyudin M.Ag […]