Rekacipta Fendy Sy Citrawarga
“MANI teu kira-kira si Surjin!”
“Teu kira-kira kumaha Darsép?”
“Bedog seukeut nu meunang FaceApp rék dikadékkeun kana sirah uing!”
“Ari enggeus kudu ka sirah saha, sirah si Diran? Daék teu dikadék sirah Diran?”
“Tatangga padeukeut imah, ka sawah ngagiring munding. Nya mangga badé ngadék mah, asal ulah sirah uing.”
“Sirah saha atuh Diran?”
“Ceu Nina meuntas na cukang. Pastina gé sirah Akang.”
“Hahaa…….!”
“Panuju lah Diran.”
“Ah siah Darsép.”
“Jangan garagabah ngabamblam pajah bakal nyacag mastaka? Mastaka hayam atawa mastaka kadal taya masalah. Nyacag mastaka jalma mah bakal panjang masalahna.”
“Pinter ilaing Ya boga pamadegan kitu. Meunang mulungan ti mana?”
“Nyata Kang Ajang, nyata. Yaya mah calakan sabab salawasna lapar lan hanaang kana bab warta-warta anyar.”
“Warta naon waé Ya?”
“Banyak Kang, yang nyata dan matak panasaran mah maca bab parawan ada yang ngagadabah, ngan haram jadah.”
“Berita perkosaan meureunan nya Ya?”
“Nyata, Kang.”
“Panasaran lebah manana?”
“Panasaran Yaya hayang ngasaan.”
“Hahaaa……”
“Sarya gélo, sugan téh heueuh rék ngomong bener. Sok Darsép geura dongéngkeun Bi Ikoh jeung Mang Uya téh!”
“Na da lain Bi Ikoh jeung Mang Uya waé nu boga pangalaman FaceApp téh Jin.”
“Na saha deui?”
“Ma Ucih, sarua boga pangalaman nu matak pikaseurieun jeung pikasebeleun.”
“Pikaseurieun jeung pikasebeleun Darsép?”
“Enya Jin.”
“Sok atuh geura dongéngkeun, manéh mah nyiar-nyiar pipanasaraneun batur waé.”
“Jéh, apan dongéng Bi Ikoh jeung Mang Uya gé encan Jin, moal enya langsung kana dongéng Ma Ucih.”
“Hadeuh ieu peureup mani geus ateul kieu hayang nyium beungeut si Darsép. Nya rék nu mana wé, rék Bi Ikoh jeung Mang Uya atawa Ma Ucih satéh mani olo-olo pisan.”
“Ayeuna téh usum pandemi, keur hésé ngala duit Ujin. Tong boro ngala duit, ngala hitut ogé hésé.”
“Hésé kumaha Asép? Ngala hitut mah kari tapelkeun wé leungeun kana bujur nu hitut.”
“Nya éta masalahna téh Bi. Teu bisa ngadeukeutan da apan kudu ngajaga jarak téa….”
“Hahaaa…….!”
“Darsép gejul mani loba alesan. Sok atuh kudu kumaha sangkan uing saréréa bisa ngadéngékeun?”
“Nya kudu boga ceuli.”
“Hahahaa……”
“Heueuh, terus kudu boga naon deui?”
“Boga duit, Jin.”
“Keur naon duit?”
“Keur mayar juru dongéng.”
“Ari nu ngadéngékeun?”
“Kudu boga kaéra mun teu boga duit.”
“Hahaaa……..”
“Kudu dikumahakeun Bi si Darsép?”
“Kudu dikumahakeun cenah Asép?”
“Kudu di-FaceApp jadi nonoman nu pangkasépna sadunya, Bi!”
“Hahahaaa…..” (lajengkeuneun) **