Search
Close this search box.

Usum FaceApp (1)

Bagikan :

Rekacipta Fendy Sy Citrawarga

 

“RUPA-rupa pisan nya Bah?”
“Puguh wé da teu rupa-rupa mah matak bosen, Jin. Sok wé rasakeun ku ilaing mun deungeun sangu téh sarapan jeung endog, ngawadang beurang jeung endog, soré jeung endog deui, piraku teu bosen.”
“Abah onaman, nya enya atuh. Tapi da abdi mah sanés endog.”
“Naon atuh Ujin?”
“Supados tuang sareng endog teu bosen mah gentos namina, Bah.”
“Ké lanan Darsép uing gé can bérés nyarita!”
“Baé wé atuh Ujin, manéh mah mani harak.”
“Hahaha…..”
“Enya naon atuh Ujin?”
“Kéla Bah, sok Darsép terangkeun naon nu dimaksud méh teu bosen dahar endog ganti ngaranna?”
“Enya mun si Abah dahar dengeunna endog wungkul méh teu bosen mah ganti ngaranna. Sarapan jeung endog, dahar beurang jeung telor, dahar soré jeung telur!”
“Hahaha….”
“Gélo, siah Darsép. Cabok ka dinya Bah lah!”
“Enya naon atuh nu rupa-rupa ceuk ilaing, Jin?”
“Éta ningan dina Pésbuk, ayeuna téh keur usum FaceApp alias ngarobah beungeut jaradi geulis mun awéwé, mun lalaki nya meureunan jadi kasép….”
“Oooh….éta Jin? Enya Abah gé sok niténan dina Pésbuk, mani tingboronyoy nu ngararobah beunget, angot dina istigfar mah….”
“Dina istigfar Bah?”
“Enya Jin, teuing naon ngaranna is is kitu mimitina téh ning.”
“Instagram, Bah.”
“Tah bener éta instagram tapi da teu salah-salah teuing nyebut istigfar gé….Sép.”
“Naha Bah?”
“Enya pan loba nu moronyoy FaceAppp téa Sép, lamun teu buru-buru istigfar mah matak kajongjonan molototan nu gareulis….”
“Hahaa….”
“Beu, éta si Abah manawi téh tara kana instagram.”
“Jéh apan mukaan béja, Bi da eusi instagram téh rupa-rupa….”
“Leres Bah aya postingan teman, aya bérita, aya tiktok jeung sajabana.”
“Tah kitu Sép, ngan nu sok rada anteng téh nya dina FaceApp jeung Tiktok da keur usum téa….”
“Hahaha…..”
“Ari FaceApp jeung tiktok Bibi sok ditingalian Bah?”
“Na Bi Rahi aya kitu? Asa teu aya Bi ah. Saha ngaranna?”
“Nami Bi Rahi dina Pésbuk jeung Instagram mah, Luna Maya.”
“Haaar….naha? Ari poto profilna?”
“Nya Luna Maya atuh Ujin.”
“Itu geura, nya atuh éta mah Luna Maya wé sanés Bibi?”
“Baé wé Ujin ngarah loba nu mikaresep da lamun asli Bibi mah paling gé nu komén jeung like-na téh beurit….”
“Hahaa…”
“Ngan Abah mah kapok narima pertemanan tinu geulis téh kamari mah dipupus wé….”
“Har éta Abah mani téga kitu teu lebar-lebareun.”
“Bonganna tuda sugan téh heueuh ngajak berteman biasa ari ieu der némbong-némbong gambar awéwé jorang terus nawarkeun obat kuat.”
“Hahaa….”
“Nya wios atuh Bah usaha panginten.”
“Enya lebah dinyana mah Sép urusan manéhanana. Tapi cik tingali heula nu ditawaran téh saha. Nawarkeun obat kuat ka aki-aki bari ngabibita némbong-némbong potrét awéwé jorang mah kalah matak nyeri haté.”
“Nyeri haté, Bah?”
“Heueuh Ujin, maksud hati ingin kuat apa daya parabotna geus péot.”
“Hahaaa……” (lajengkeuneun) **

Baca Berita Menarik Lainnya :