Rekacipta Fendy Sy Citrawarga
“Deudeuh teuing Abah.”
“Deudeuh teuing kumaha Jin?
“Sumuhun ningan saur Abah kamari, enya lebah dinyana mah Sép urusan manéhanana. Tapi cik tingali heula nu ditawaran téh saha. Nawarkeun obat kuat ka aki-aki bari ngabibita némbong-némbong potrét awéwé jorang mah kalah matak nyeri haté.”
“Teras ceuk abdi téh ningan, nyeri haté, Bah?”
“Saur Abah, heueuh Ujin, maksud hati ingin kuat apa daya parabotna geus péot.”
“Hahaaa……”
“Leres Bah geus péot?”
“Naaaa….Ujin manéh téh?”
“Naha kumaha, Bi?”
“Maké ditatanyakeun leres Bah geus péot sagala?”
“Jéh sagala rupa gé kudu aya buktina, Bi. Bisi ka urang-urang atawa ka si Ambuna si Bah Adun téh ngaku parabotna geus péot, ari ka ABG ngaku kenceng kénéh.”
“Hahaaa…..!”
“Tong diantep Bah lah tuman, ngahinis tamah. Piraku deui Abah ka si Ambu ngaku péot ari ka ABG ngaku kenceng. Si Abah mah jujur ka si Ambu ngaku péot ka ABG ngaku péot. Ngan aya bédana.”
“Bédana kumaha Darsép?”
“Ari ka si Ambu mah ngaku péot téh terus mundur teratur, ari ka ABG mah maju terus bertempur.”
“Hudang nyah Darsép?”
“Angger péot…….!”
“Hahaaaa…….”
“Mani teu aruyahan nya, ngabahas nu kitu patut!”
“Lah sok api-api si Bi Rahi mah sasari gé mani dohot.”
“Justru ituh Ujin.”
“Jusru kumaha Bi?”
“Heueuh kabita.”
“Hahaaaa……”
“Sanés Bah abdi mah panasaran naha nya mani darohot anu nyarieun FaceApp, pangpangna kaom wanoja?”
“Kitu watekna Jin awéwé mah ti jaman baheula tepi ka jaman ayeuna malah tepi ka jaga resep dangdan, resep ngageulis.”
“Kitu Bah?”
“Nya enya atuh Jin. Nu matak dibéré kasempetan bisa ngarobah beungeut mani paboro-boro.”
“Sanggem abdi mah nya.”
“Kumaha kitu Jin?”
“Ari tos geulis mah atos wé teu kedah dirumbuk-dirombak deui. Mun nu goréng patut kakara kaharti.”
“Kitu Gusti mah ngarejekian jelema téh Jin.”
“Kitu kumaha Bah?”
“Enya, Gusti maparin kodrat ka awéwé resep dangdan, mulas beungeut ku wedak, biwir ku lipen setip, jeung sajabana, apan tingpucunghul tah salon kecantikan, tukang nyieun lipen setip, tukang minyak seungit, jeung sajabana. Cacak mun awéwé teu resep dangdan jeung ngageulis nya moal payu atuh tukang salon jeung tukang naon ku hanteu téh.”
“Leres nya Bah diémutan tepi ka dinya mah ageung hikmahna.”
“Nya enya Jin ka dituna lamun dihubungkeun jeung ajaran agama nya nu gareulis téh kudu sukur nimat, carana nya nurut kana aturan Gusti. Ngageulis téh lain keur obral orat ngundeur masiat, tapi bakti ka salaki tumut ka Gusti.”
“Leres Bah, paingan usum FaceAPP mani ramé.”
“Nya enya Ujin, ngan ulah siga Bi Ikoh jeung Mang Uya wé…”
“Na kumaha kitu Darsép?”
“Heueuh Bi Ikoh dina Pésbukna masang beungeut meunang FaceApp. Mang Uya mani olohok, teu percayaeun. Ngan ka dituna Bi Ikoh kalah ceurik.”
“Haaaar…naha Darsép?”
“Urang dongéngkeun isukan wé Jin. Ayeuna mah uingna rék FaceApp bujur heula. Sugan wé bujur meunang FaceApp mah hitut téh kaambeu seungit!”
“Hahaaa……” (lajengkeuneun) **