Search
Close this search box.

Usum FaceApp (3)

Bagikan :

Rekacipta Fendy Sy Citrawarga

 

“ARI manéh cageur Darsép?”
“Na kumaha kitu Ujin?”
“Batur-batur nu di-FaceApp téh beungeut, ari ieu bujur!”
“Hahaaa…..”
“Enya nyah jadi seungit Sép?”
“Naon téa, Bi?”
“Naon kénéh waé, éta bujur sanggeus di-FaceApp enya nyah hitut jadi seungit?”
“Seungit ceuk nu sedepeun mah Bi.”
“Saha nu sedep kana hitut Darsép?”
“Tah ieu jalmina nu ngaku kabogoh ka si Mimin ari mahugi ka Mang Momon.”
“Hahaa…..”
“Ah siah Darsép. Uing mah lain mahugi ka Mang Momon mah, mayar jajan baso.”
“Nuju riweuh kieu téh nya Bah?”
“Naon téa Sép?”
“Sumuhun di Jakarta ramé pulisi nyangkalak préman ngamuk.”
“Oh enya John Kei téa nya Sép?”
“Tah éta leres Bah?”
“Enya nu kararitu mah moal malikiran hirup katalangsara gara-gara korona anu padahal mah ray poé ray poé téh terus nambahan kasusna.”
“Tos sabahara réwu cenah Bah?”
“Tepi ka poé Salasa kamari téh geus nincak angka 47.896 barudak.”
“Euleuh mani tos seueur kitu ning, Bah?”
“Enya Bi dalah dikumaha.”
“Padahal mah nya Bah.”
“Naon téa Ujin?”
“Sumuhun John Kei sabalad-balad nu cenah préman jagoan, enya mah jagoan heug téwakan. Tangtuna gé pada muji pada ngarojong.”
“Naon nu ditéwakan téh Ujin?”
“Sumuhun korona sina ditéwakan ku préman malaur teras nambihan.”
“Hahaha…..”
“Sok ngaco Ujin, bet maranéhna gé ditéwakan ku pulisi teu bisa hojah. Cacak aya bungkeuleukanana, komo néwak korona mahluk goib.”
“Enya bener Sép.”
“Tegas nya Bah?”
“Enya Sép saur Pa Kapolri, negara tidak boléh kalah oleh prémanisme.”
“Sapertos mayunan korona wé nya Bah ulah kawon?”
“Tah kitu, leres Bi. Ngan nu sidik kudu babarengan antara pamaréntah jeung rahayat. Ulah aing-aingan, mun aing-aingan mah moal hasil.”
“Kantenan wé Bah apan Bibi gé maksad mah hayang boga turunan ti bibit unggul ngarah kateureuhan unggulna.”
“Bibit unggul Bi, ti saha?”
“Enya Uijin. Bibi ngimpi hayang boga turunan ti Afgan. Lantaran taya kerja sama alias gawé bareng, Bibi saré di imah Bibi Afgan teuing di mana saréna. Jadi wéh gagal!”
“Hahaa…..”
“Mani keukeuh éta Afgan. Sok ah Darsép geura dongéngkeun kumaha lalakon Bi Ikoh jeung Mang Uya téh?”
“Na kumaha kitu Jin?”
“Angger geus nyingcet téh manéh mah Darsép. Pan ceuk manéh kamari. Nya enya Ujin, ngan ulah siga Bi Ikoh jeung Mang Uya wé…”
“Ceuk uing, na kumaha kitu Darsép?”
“Ceuk manéh ning, heueuh Bi Ikoh dina Pésbukna masang beungeut meunang FaceApp. Mang Uya mani olohok, teu percayaeun. Ngan ka dituna Bi Ikoh kalah ceurik.”
“Ceuk uing deui, haaaar…naha Darsép?”
“Ceuk manéh téh urang dongéngkeun isukan wé Jin. Ayeuna mah uingna rék FaceApp bujur heula. Sugan wé bujur meunang FaceApp mah hitut téh kaambeu seungit! Tah sok ayeuna geura dongéngkeun.”
“Enya lah urang dongéngkeun Jin. Ngan isukan deui wé ayeuna mah rék FaceApp……”
“FaceApp peureup uing jadi bedog seukeut terus dikadékkeun kana sirah manéh?”
“Hahaa….” (lajengkeuneun) **

Baca Berita Menarik Lainnya :