Search
Close this search box.

Usum Merdéka (2)

Bagikan :

 

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

“KURUD atuh, Bi.”
“Naon nu dikurud téh Ujin?”
“Apan saur Bibi kamari. Heueuh Ujin. Ari Bibi geus aya di luhur lalaki nu di harandap bari taranggah tinggorowok, jabrig-jabrig cenah.”
“Ceuk Ujin, naon nu jabrig téh Bi?”
“Saur Bibi, surabi Bibi meureunan Ujin da harita téh ngilu maén rebutan ukur maké erok, poho teu dicangcut baning rusuh.”
“Hahaaa…….!”
“Heuheuy deuh. Pan éta gé osok Ujin nepi ka bulistir.”
“Hahaaa…..”
“Naha atuh harita jabrig kénéh?”
“Apan heueuh euweuh nu mangurudkeun pan Bibina rarandaan da ku sorangan mah hésé. Ti heula gé kungsi ku sorangan kalah kasempog.”
“Hahaaa……”
“Atuh meureunan ayeuna jabrig kénéh?”
“Nya enya Ujin da can aya nu mangurudkeun pan Bibina tepi ka ayeuna rarandaan kénéh. Éta gé kungsi ngahiras ka Afgan ceuk Bibi téh wios ké dipasihan artos Rp 2.500 atanapi bilih badé ngaraosan nu tos dikurudna mangga, rido pisan…..”
“Hahaaa……”
“Kumaha jawab Afgan Bi?”
“Ceuk Afgan téh kurud wé ku olangan.”
“Hahaaa…….”
“Atos Bi ah, ditanggap téh kalah beuki maceuh. Réhé Agustusan taun ayeuna mah nya Bah?”
“Enya Jin pan keur mahabu kénéh korona, Agustusan prihatin, ongkoh digero ku pamaréntah ulah ngayakeun ruang-riung pésta Agustusan keur ngajaga nerekabna pirus korona. Umumna rahayat narurut.”
“Tapi nu tetep ngareuah-reuah seueur deuih nya Bah?”
“Enya Sép, pamaréntah ogé ti pusat tepi ka daérah miéling detik-detik proklamasi mah teu pukah. Kajaba sacara virtual ogé tetep merhatikeun protokol kaséhatan. Keuna kana babasan pardu kasambut sunat kalampah téa.”
“Leres Bah, apan saur Bapa Presidén ogé, sumuhun Pa Jokowi, walau kita harus jaga jarak, tapi tetep satu hati.”
“Enya Sép, leres pisan kasauran Bapa Presidén téh. Urang kudu jaga jarak lain ngahaja silih jauhan, tapi alatan sasalad korona. Nu matak kudu sahaté ngungkulan sasalad korona téh.”
“Tah kitu Ran, urang téh kudu sahaté saur Bapa Presidén gé. Nyaho ilaing naon ari sahaté?”
“Boga témpé ti Cililin, mun gering geura ubaran. Sahaté mah yeuh Kang Ujin, daging anu ditiiran.”
“Éta mah saté, Diran. Sok ka mana karep waé. Ari ilaing Ya, nyaho teu sahaté?”
“Nya apal Kang Ajan, samanah mah maksadna sama-sama aya manahan. Yaya aya manahan, Kang Ajan aya manahan, Kang Asap aya manahan, Abah aya manahan. Tah Mamah Raha mah taya manahan.”
“Maké euweuh sagala Sarya? Nya aya atuh!”
“Nyaan Mamah Raha aya manahan?”
“Nya aya, Sarya.”
“Tandana Mamah Raha aya manahan, pasrahkan dada Mamah Raha ka Yaya.”
“Rék naon, Sarya?”
“Akan Yaya cabak.”
“Hahaaaa…….!” (lajengkeuneun) **

Baca Berita Menarik Lainnya :