Search
Close this search box.

HEURAS

Tragédi Mahugi (1)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga   “AYEUNA téh poé Senén, aya kutu dina baki. Mun urang loba ngahénén, nya tangtu saeutik rijki.” “Beu, éta si Diran geus ngararisan sisindiran tanpa paidin.” “Idin ti saja Ujin?” “Nya idin ti uing atuh Darsép pan sasari gé sok uing heula nu ngabalakan ngomong mah.”

Read More

Hanjakal (5)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga   “ARI manéh kalah cicing waé Sarya, batur dikaniaya téh?” “Maksadna, Kang Ajan?” “Na teu ngabandungan kamari?” “Yaya mah da banjaranan, majalayaan, lantas jakartaan Kang Ajan, maap.” “Hahahaaa…..” “Heueuh bener Ya.” “Ah siah Darsép!” “Yeuh Ya, bisi poho deui mah. Pan ceuk Kang Ujin kamari ka

Read More

Hanjakal (4)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga   “BEUKI dieu téh kalah beukian ari si Darsép.” “Naon sababna cik, Jin? Sabab ngeunah siah! Sok wé pikir sapoé téh aya kana tilu kalina malah leuwih.” “Naon Darsép nu sapoé nepi katilu kali téh?” “Heueuh dahar, bakat ku naon cik? Nya bakat ku ngeunah, jadi

Read More

Hanjakal (3)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga   “ATEUL wé sigana si Darsép mah mun teu ngaheureuyan batur téh.” “Tuda moal ramé ngaheureuyan sorangan mah. Sok wé pikir ku manéh.” “Pikir kumaha Darsép?” “Heueuh mun uing ngomong sorangan, ngaheureuyan sorangan, seuri sorangan…….” “Nya heueuh pantes da manéh mah kurang saeundan. Mangkukna sisindiran téh

Read More

Hanjakal (2)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga   “TEU belul mah teu belul wé Darsép!” “Teu belul naon Surjin?” “Maké teu belul naon, sagala. Pan ceuk manéh kamari. Muhun Bah, pan aya sisindiranana kaduhung ayun-ayunan, melak ganas dina eurih….tah kitu sisindiranana téh.” “Ceuk uing, éta mah karék cangkangna Darsép, mana eusina?” “Ceuk manéh,

Read More

Hanjakal (1)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga   “NYAAN da Yaya mah hanjakal.” “Beu éta si Sarya culangung, miheulaan ngomong ka juragan.” “Nya kagak apa-apa Kang Ajan pan Yaya hayang ngasaan ngawalan ngabamlam.” “Enya teu nanaon Ya lah tong didéngé Juragan Surjin mah. Hayang wé disebut juragan…..” “Ah siah Darsép! Enya sok naon

Read More

Usum Reses (5)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga   “NYA atuh kari jadi artis wé, Bi.” “Enya meureunan Ujin, kudu jadi artis ngarah payu ka duapuluh juta mah.” “Artis gé artis kumaha nu payu sakitu Bi.” “Na artis kumaha kitu Ujin?” “Artis nu bandrosna seungit…..” “Hahaaa…..” “Numutkeun Abah?” “Naon téa Jin?” “Sumuhun artis nu

Read More

Usum Reses (4)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga   “Éta si Sarya, hayang didenda manéh?” “Nya kagak, Kang Ajan da taya alat pamayarna.” “Enya naha atuh, cig balik heula!” “Kagak, ah. Da mawa.” “Heueuh sok paké atuh bisi katingalieun ku Hansip Opad ké dilaporkeun ka Pa Gupernur teu maké masker terus didenda.” “Enya Ya

Read More

Usum Reses (3)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga   “NU balég Darsép?” “Naon téa, Jin?” “Éta reses di nagara Manaboa?” “Saha nu nyarita kitu Jin? Si Diran, si Sarya, Bi Rahi, Bah Adun?” “Hadeuh, angger geus datang deui gélona si Darsép. Pan manéh kamari nyarita. Ceuk manéh téh ningan di nagara Manaboa mah, reses

Read More

Usum Reses (2)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga   “KA mana karep wé nyarita téh si Darsép mah.” “Ka mana karep kumaha nya ngomong mah angger wé dina sungut Ujin, moal enya teuing dina cungcurungan.” “Hahahaaa…..” “Nya ka mana karep Darsép da batur nyarita ka kidul ieu ka kalér.” “Jéh puguh hadéna ka kalér,

Read More