Sangkuriang Nyaleg (78) 

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, “Supados kuring hébat sapertos, Juragan. Buktosna itu mojang ngajanteng waé di lebah lawang panto!” ngarérét ka tukang.

“NAHA enya kitu?” manéhna malik. Mojang ngadadahan.

“Tuh, édun, Gan! Wariskeun!”

“Cicing! Wariskeun- wariskeun! Lamun manéh pinter saha atuh éngké gantina?”

“Janten kuring diperyogikeun ku juragan?”

“Puguh wé! Gancang leungpangna, tuh imah Sangkuriang hareupeun!” omongna.

“Dupi itu mojang kumaha, Gan?” ngalieukat ka tukang.

“Kumaha manéhlah?” tetep leumpang.

“Siap, Juaragan!” malikeun awak nyampaeurkeun mojang anu ngajanteng lawang panto. “Héy!” sura-seuri.

“Ih, nyao!” malik, gebrug nutupkeun panto.

“Géhél! Sadis ning,” manéhna ukur bisa ngahuleng bari ngurutan dada. Geyntak malikeun awak, lumpat ngudag dununganana.

“Naha balik deui?”

“Ka kuring mah judes, Gan!” sedih.

“Matak gé da tujuan urang ngadieu téh apanan arék nepungan Sangluriang. Naha bet anu lain-lain atuh!”

“Rumaos, Gan.”

“Geus nepi! Coba ketrokan pantonana!”

“Siap, Gan!” ngalacat kana téras imah kontrakan, laju keketrok sarta uluksalam.

“Saha?”

“Kuring,”

“Kuring saha? Lamun tukang kiridit nyingkah da kula mah teu nganjuk nanaon!” gerona ti satukangeun panto.

“Kuring di luar Sangkuriang!” jawab jurahan.

“Asa aoal kana sorana? Bandar bangkongnya?” panton dibuka.

“Karnadi atuh bandar bangkong mah,”

“Meunangkeun anu geulis bati ngabohong!” omongna mencrong nu narangtung lebah panyawéran.

“Éta mah Karnadi atuh! Kuring mah Kartadi apanan?”

“Juragan, naha dialog éta mah asa pernah dina épisode saméméhna? Diulang ieu téh?”

“Tong geruh!”

“Oh, kitu?”

“Sangkuriang, kuring nyaan hésé néangan imah kontrakan anjeun?”

Baca Juga :  Menang 1-0 Kontra Persikabo, Macan Kemayoran ke Puncak Klasemen

“Geuning ieu kapanggih?”

“Panggih soteng meunang ihtiar,” omong Kartadi.

“Geuning éta,”

“Teu gampang,”

“Komo kuring Sangkuriang ngalaman arék dibanjur ku cai ngagolak. Nu leuwih parna arék didagor ku konci inggris,” omong supir ngéngklokan.

“Geuning éta teu nanaon?”

“Kapanan kakara arék veuk kuring gé,”

“Keun atuh ari kakara rancana mah. Anu penting mah kiwari emang salamaet. Salah carana meureun,” omong Sangkuriang.

“Tapi ku juragan mah hasil,”

“Ih, tangtu atuh, dunungan di dinya mah apanan kasohor.”

“Maksadna?”

“Can ngarti kénéh waé! Lamun disebutkeun deui ku kula bisi disangka diulang-ulang. Tapi teu nanaon ngarah anjeun ngarti mah. Tadi ku kula geus disebutkeun, Karnadi mah bandar bangkong, meunangkeun anu geulis bati ngabohong. Ku cara ngabohong mah pasti hasil,” omong.

“Tuh, geus pok deui?” omong Kartadi.**

Hanca…

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

REFLEKSI | Nasihat

Sen Okt 24 , 2022
Silahkan bagikanOleh Bambang Melga Suprayogi, M.Sn. NASIHAT merupakan obat penguat, penangkal kebodohan, vitamin untuk mereka yang mau maju dan jadi seorang pemenang, baik di dunia, maupun diakhiratnya kelak. Mendengar nasehat juga mampu menghilangkan celakanya diri, untuk tidak terjerembab dan masuk pada lubang kepahitan yang nantinya akan menyengsarakan hidup kita. Nasihat […]